fbpx

Soal Prediksi PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 2 Kurikulum 2013 Kelas 8

Soal Prediksi PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 2 Kurikulum 2013 Kelas 8 bisa menjadi suatu bahan ajar yang wajib dikarenakan hal itu akan mendukung proses belajar mengajar yang ada. Memang selama ini di kelas guru hanya menggunakan metode pembelajaran seperti menjelaskan materi-materi yang ada. Kemudian memberikan catatan hal itu tentunya tidak akan lengkap bila belum adanya latihan secara rutin. Sebab, dengan latihan tersebut para murid secara otomatis akan mengulang apa yang telah diajarkan oleh guru. Dengan demikian hal itu tentunya memberikan suatu dorongan kepada para murid agar bisa memberikan yang terbaik pada saat ulangan nantinya. Secara tidak langsung juga para murid akan lebih paham dan apa yang telah dipelajarinya selama ini di ingat dengan begitu jelas.

 

Tidak mudah memang mengajarkan siswa yang yang sulit untuk memahami pelajaran Sunda ini. Banyak juga mereka yang meremehkan bahasa daerah begitu pula mereka yang kurang minat dalam belajar. Maka dari itu hal tersebut perlu disiasati dengan memberikan latihan soal secara berkala. Kemudian juga para guru bisa memberikan selebaran dari soal prediksi ini. Agar bisa dibawa pulang dengan begitu para murid juga dapat mempelajari poin-poin penting yang terdapat di dalam pelajaran bahasa Sunda. Hal itu nantinya pada saat ulangan berlangsung mereka tidak akan merasa ketakutan atau juga merasa rendah diri karena kurang menguasai pelajaran tersebut. Pastinya rasa percaya diri akan lebih meningkat tajam bila para siswa menguasai pelajaran tersebut sejak awal bahasa Sunda ini diajarkan di kelas 8 MTS dan SMP. Untuk itu para murid bisa belajar secara optimal dan bisa mengikuti jenjang pelajaran ke tahap tingkat yang lebih tinggi. Agar ke depannya mereka benar-benar menguasai bahasa Sunda ini lebih baik lagi. Baik itu secara teori maupun juga prakteknya.

SOAL PREDIKSI UTS/PTS SMP/MTs SEMESTER 2TAHUN PELAJARAN 2018-2019

RajaBackLink.com

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas/Semester : VIII (Dalapan)/2 (Genap)

Pilih jawaban nu pangbenerna!

Langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng syukur ka Alloh swt. Alhamdulillah dugi ka danget ieu mantenna masih ngalungsurkeun nikmatna ka urang. Malih ku kersa mantenna pisan urang tiasa riung mungpulung paamprok jonghok patepang raray dina raraga paturay tineung.

1. Paragraf di luhur ka asup kana…..biantara
a. Panutup
b. Salam panutup
c. Eusi
d. Bubuka

Rupina cekap sakieu waé pisanggem ti sim kuring, mugi-mugi tiasa ngawakilan kereteg haté sadayana. Hapunten anu kasuhun, bilih aya cariosan anu kirang merenah.

2. Paragraf di luhur ka asup kana…..biantara
a. Panutup
b. Salam panutup
c. Eusi
d. Bubuka

3. Dina bagian panutup biantara biasana ngawengku ……
a. Sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah
b. Nepikeun salam pamuka atawa salam kawilujengan
c. Nepikeun panghormat ka hadirin anu anu ngaluuhan acara
d. Ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus mere kasempetan ka dirina pikeun biantara

4. Eusi biantara dina acara paturay tineng kelas salapan nyaéta, iwal……
a. Ménta didu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur
b. Nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah.
c. Ngahaturnuhunkeun ka para bapak jeung ibu guru
d. Ménta bekel keur neruskeun sakola kanu lewih luhur

5. Salasaurang tokoh présidén Indonesia anu kasohor mahér dina biantara nyaéta….
a. Ir. Soekarno
b. Mahatir Muhamad
c. Ahmad Dinéjad
d. Ridwan Kamil

6. Cara nepikeun biantara tara maké naskah, tapi naon anu rék diomongkeun dirarancang heula kalawan taliti. Biasana sok dijieun catetan-catetan mangrupa gurat badag atawa rangkay omongan anu rék ditepikeun téa, disebut métodeu biantara….
a. Métodeu impromptu
b. Métodeu ngapalkeun
c. Métodeu naskah
d. Métodeu ékstémporan

Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar

Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di kampung Sukamulya, Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok. Di ditu, di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Pemda Kabupatén Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa Pemda Kabupaténna di Cisaat kénéh. Najan teu jauh ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gede Kasepuhan Gede Kasepuhan Ciptagelar mah, pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan parakaruhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan kabiasaan urang Sunda pituin, anu can kacampuran ku pangaruh modéren.

Di pakampungan Ciptagelar mah wangunan imahna ogé potongan imah panggung tina bilik kénéh. Nu disebut imah panggung téh imah anu aya kolongan. Jangkung kolongna kira-kira 60 cm. Lamun rék unggah ka imah téh kudu nécé heula golodog, anu ditunda handapeun panto hareup. Biasana tina batu tatapakan, anu wangun pasagi opat jeung badag. Kétah, wangunan mah ogé handapna maké batu tatapakan, anu sarua jangkungna. Anggang ti batu ka batu téh paling tilu méteran.

Wangun suhunan lolobana segi panjang jeung juré. Sok ditambahan émpér di bagian hareup jeung bagian tukang. Hateupna tina daun tepus, eurih, atawa injuk. Moal matak bocor najan hujan gedé ogé, da ditumpukna rékép pisan. Sedeng minangka lanténa, tina palupuh. Babagian imah diwangun ku tengah imah paranti ngumpulna sakabéh anggota keluarga, pangkéng atawa kamar paranti saré, padaringan atawa goah paragi neundeun béas, jeung dapur paranti masak. Lian ti imah pangeusi lembur, di dinya ogé urang bisa manggihan bumi ageung, leuit, jeung saung lisung. Kumaha waé di pakampungan Sunda baheula.

Anu disebut bumi ageung téh paranti ngariungna masarakat lamun aya pasualan anu kudu dibadamikeun. Biasana dijejeran ku sesepuh lembur, anu disebutna Sesepuh Girang . Tah, ngeunaan leuit, lamun dina basa Indonésia mah disebutna “lumbung” téa, paragi neundeun paré. Wangunna jiga imah, ngan leuwih leutik. Sisina ditutupan ku bilik, hateupna ku injuk. Leuit téh perenahna di sisi pakampungan. Unggal imah, pasti ngabogaan leuit. Jadi moal pacorok pangaboga. Di deukeut wangunan leuit, diwangun saung lisung nyaéta saung paranti nutu sakumna pangeusi lembur. Saung lisung mah ngan hiji, dipaké ku salelembur. Ku kituna, mangpaat saung lisung téh lian ti paranti nutu, ogé tempat campur gaulna (sosialisasi) urang lembur.

7. Di mana perenahna kampung Adat Ciptagelar téh?
a. Di Kampung Sukamulya, Désa Cisampih, Kacamatan Cigasong, Kabupatén Sukabumi.
b. Di Kampung Sukamulya, Désa Buniseuri, Kacamatan Cikubang, Kabupatén Sukabumi.
c. Di Kampung Sukamulya, Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok, Kabupatén Sukabumi.
d. Di Kampung Sukamulya, Désa Sinaresmi, Kacamatan Cisalak, Kabupatén Sukabumi.

8. Naha Kampung Ciptagelar disebut Kampung Adat?
a. Lantaran masih mageuhan tali paranti adat karuhun baheula.
b. Lantaran masih ngagunakeun imah bilik karuhun baheula.
c. Lantaran masih loba masarakatna anu teu boga HP.
d. Lantaran masarakatna tara ulin ka kota.

9. Kumaha potongan wangunan imah anu aya di Kampung Adat Ciptagelar ?
a. Imah gedong
b. Imah panggung
c. Imah batu 
d. Imah kaca

10. Tina naon bahan-bahan material imah di Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar téh?
a. Awi, kai, batu, jeung eurih/injuk/daun tepus.
b. Awi, kai, batu, jeung kenténg.
c. Batu, bata, kesik, awi, kai, keramik, jeung kenténg.
d. Beusi, batu, bata, kesik, keramik, jeung kenténg.

11. Naon pungsina Bumi Ageung téh?
a. Paranti ngariungna para tamu anu datang ka kampung .
b. Paranti ngariungna masarakat lamun aya pasualan anu kudu dibadamikeun.
c. Paranti ngariungna para pajabat pikeun ngabadamikeun hiji pasualan.
d. Paranti ngariungna para turis anu datang ka Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar.

12. Istilah sesepuh lembur di Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar disebutna….
a. Bapa Kuwu
b. Bapa Kampung
c. Sesepuh Adat
d. Sesepuh Girang

13. Wangunan naon anu pungsina pikeun ngayakeun hubungan sosial (sosialisasi) di antara masarakat Kampung Adat Ciptagelar?
a. Leuit
b. Saung lisung
c. Saung ranggon
d. Saung huma 

14. Masarakat Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar mah, pageuh kénéh nyekel tali paranti warisan parakaruhun.
Kecap tali paranti ngabogaan harti …..
a. Kabiasaan atawa adat.
b. Karakter parakaruhun
c. Upacara adat karuhun
d. Warisan kolot baheula

15. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan kabiasaan urang Sunda pituin, anu can kacampuran ku pangaruh modéren.
Kecap “pituin” ngandung harti…..
a. Deungeun
b. Batur 
c. Sélér 
d. Asli 

16. Leuit nyaéta wangunna jiga imah, ngan leuwih leutik nu gunana paragi neundeun paré. Leuit lamun dina basa Indonésia mah disebutna….. 
a. Lumbung
b. Bakul 
c. Wadah
d. Gudang

17. Lamun rék unggah ka imah téh kudu nécé heula kana golodog.
Unggah hartina ……
a. Hanjat
b. Turun
c. Naék
d. Asup 

18. Wangunan imahna ogé potongan imah panggung tina bilik kénéh.
Kecap “wangunan” hartina….
a. Kaayaan 
b. Modél atawa bentuk
c. Rarancang 
d. Pondasi 

19. Lamun ngebut di jalan téh gedé mamalana.
Sinonim tina kecap mamalana nyaéta….
a. Cilakana
b. Bahayana
c. Pahalana 
d. Kawanina 

20. Tukang tatanén sok disebut…..
a. Nalayan
b. Patani
c. Palayan
a. Padagang

Sumber gambar: pexels free images